'/> Contoh Biantara Wawakil Guru/Kapala Sakola Waktos Paturai Tineung/ Perpisahan Sakola

Info Populer 2022

Contoh Biantara Wawakil Guru/Kapala Sakola Waktos Paturai Tineung/ Perpisahan Sakola

Contoh Biantara Wawakil Guru/Kapala Sakola Waktos Paturai Tineung/
Perpisahan Sakola
Contoh Biantara Wawakil Guru/Kapala Sakola Waktos Paturai Tineung/
Perpisahan Sakola
Biantara Wawakil Guru/Kapala Sakola Waktos Paturai Tineung  - MI Sindangrarja di Kecamatan Jamanis telah menggelar program 'paturay tineung' atau perpisahan untuk siswa kelas VI . Kegiatan ini digelar RM Panajung Centre Jalan Raya Jamanis Desa Sindangraja Kecamatan Jamanis. Semua yang hadir nampak terharu menyaksikan Biantara Wawakil Guru/Kapala Sakola Waktos Paturai Tineung menyerupai ini teksnya.

Assalamu’alaikum wr.wb.
Alhamdulillahirobbil’alamin. Washolatu wassalamu ‘ala asrofil anbiyai wal mursalin, Allahumasali Muhammad wa’alla alihi washobihi ajma’in.

Wiwitan puji kagungan Illahi Robbi, sadaya puja mung kagungan Allah. Alhamdulillah dina danget ieu urang sadaya dipaparin kaséhatan lahir sinareng batin, ogé kakiatan kanggo tiasa kempel ngariung di ieu patempatan, dina raraga ngaluuhan program paturay tineung sareng pangjurung du’a kanggo para siswa anu parantos lulus ti ieu sakola.

Salam sinareng solawat muga netes ka Nabi Muhammad saw, natrat ka para karabat, para andal sareng sahabat.

Hadirin nu dipihormat, dina danget ieu mangrupi dinten anu kebek ku kabingah sareng kabagjaan kanggo urang sadaya, kabingah Bapa Ibu Guru kalih sepuh-sepuh para siswa, réhing putra-putri urang parantos réngsé diajar, salami tilu taun, nyukcruk élmu pangaweruh sareng katiasa di ieu sakola. Kalintang wajarna upami urang sadaya ngucapkeun Alhamdulillah.

Salami tilu taun para siswa diatik sareng diaping ku Ibu kalih Bapa Guru, dipaparinan élmu sareng katiasa keur pibekeleun maranehna jaga dina mangsa nu bakal datang. Waktos tilu taun diajar di sakola mung saukur janten rawayan tina panjangna lalakon hirup anu kedah disorang. Mugi-mugi baé sadaya élmu nu parantos dipaparinkeun ku Ibu sareng Bapa guru sing janten lawang pamuka keur para siswa kanggo nyangking paélmuan saterasna. Panghudang sareng pangjurung ti Ibu Rama anu janten sepuhna kalintang diperyogikeunana, malih eta saéstuna nu langkung utami, nu langkung anteb tapak guratna, nyaéta didikan ti ibu sareng ramana.

Ka sadaya para siswa anu badé ngantunkeun ieu sakola, Bapa mung tiasa ngajurung ku du’a, mugi-mugi hidep sadaya sing tiasa neraskeun sakola. Sing langkung suhud sareng junun dina diajar, sing langkung motékar, sabab élmu téh kasaktén diri. Elmu tungtut dunya siar, sing pinter ngaraksa diri. Hidep sadaya sing jucung sing nanjung, tapi poma masing inget dina réngkak jeung paripolah, boh di sakola boh di lingkungan masyarakat, pamugi masing tarapti, kedah adat ka sasama, hadé budi someah reujeung daréhdéh. Rengkuh ajrih ka saluhureun, héman nyaah ka sasama, béar bageur ka sahandapeun. Mun hayang jadi jalma nu dihormat diajénan ku nu lian, anu disebutkeun tadi mugi sing jadi papagon hirup. Insya Allah.
Pamungkas, bapa mung saukur ngiring ngajurung, mugi-mugi naon anu dipiharep jeung dicita-cita sing laksana tinekanan. Teu hilap, kalayan asmana Ibu kalih Bapa guru sadayana. Bapa nyuhunkeun dihapunten tangtu aya kalepatan. Paribasa clik putih clak hérang, caang bulan opat welas, urang lubarkeun samudaya kaluluputan.

Sakitu nu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan, bahé carekna langkung saurna, neda sihapunten. Wabillahi taufik wal hidayah. 
Wassalu’alaikum wr.wb

Advertisement

Iklan Sidebar